id stringlengths 1 5 | text stringlengths 504 2.3k | label int64 0 7 | label_text stringclasses 8
values |
|---|---|---|---|
1153 | Sabab jadi sekretaris di kantor, urang mindeng pisan narima telepon ti calon costumer. Biasana urang sok ngajadwalkeun jeung jadwal boss urang. Tuluy ampir tiap minggu di minggu akhir gawe sok aya meeting, sakapeung mah meetingna lingkupna leutik, sakapeung oge lingkupna lobaan biasana dicampur jeung divisi-divisi nu s... | 7 | business |
7026 | Pangadeg agama Budha nyaeta Sidhartha Gautama lahir di India Kuna dina abad ka-6 SM. Anjeunna putra raja sarta hirup dina kondisi anu damai, bagja jeung mewah. Tapi, anjeunna ninggalkeun kahirupan mewah na nalika anjeunna yuswa 29 taun pikeun milarian pamahaman spiritual. Anjeunna ngumbara milarian sababaraha guru spir... | 3 | religion |
8683 | Hayu urang sasarengan nyanghareupan bencana alam kalayan persiapan anu sae supados tiasa ngajaga diri sareng kulawarga. Musibah alam tiasa lumangsung iraha wae sareng dimana wae. Hayu urang nyiapkeun diri pikeun salamet sareng ngajaga diri tina musibah ieu. Persiapan pikeun bencana alam penting pisan. Entong ngantepkeu... | 5 | slice of life |
8035 | Dina hiji isuk anu cerah, Maria mutuskeun pikeun latihan ringan di taman deukeut imahna. Anjeunna milih jalan-jalan santai bari ngaraosan hawa seger sareng pamandangan anu endah. Bari leumpang, Maria ngarasakeun angin isuk tiis tur nempo loba jalma latihan di taman. Sababaraha urang lumpat, sedengkeun anu sanesna leump... | 1 | sports |
6691 | Kanggo jalmi anu resep nginum cai haneut biasana urang sok ngagolakeun cai dina kompor make dandang atawa cerek. Upami bade nyimpen cai panas kanggo dipake saterasna urang tiasa nyimpen cai tetep panas dina termos. Sanajan bagian luarna ti palastik, tapi termos tiasa nyimpen cai panas nepikeun sapoe, janten upami urang... | 0 | food & beverages |
1617 | Ulah aneh mun urang indit ka desa urang bakal manggihan cai nu karasa tiis pisan. Komo deui pas isuk-isuk geus siga cai es. Tapi caina teh alami, jernih, jeung tawar atawa euweuh rasa. Sabagian gede masarakat di desa masih ngagunakeun cai sumur jang kabutuhan cai. Komo teu jarang oge aya nu ngamangpaatkeun tina mata ca... | 5 | slice of life |
8816 | Bola kabugaran, ogé katelah bal gim, mangrupikeun alat latihan bumi anu tiasa dianggo pikeun sagala umur. Salian ti olahraga, ibu hamil atawa jalma kalawan kaayaan nu tangtu ngagunakeun bal ieu pikeun ngaronjatkeun kaséhatan awak maranéhanana. Cara pikeun ngaleutikan patuangan urang kalayan bal gym nyaéta kalayan gerak... | 1 | sports |
4263 | Dina sabagean daerah salah sahijina daerah desa semelinang tebingdi kabupaten Indragiri Hulu, tokoh adat nyaeta jelema anu boga pangaweruh jeung kakuatan gede di masarakat ngabogaan hiji tanggung jawab mangrupa ngajaga benteng ti generasi ka generasi generasi pikeun ngembangkeun adat jeung latihan di kahirupan sosial... | 4 | culture & heritage |
8632 | Hiji poe, pasangan nikah anu geus nikah salila 5 taun mutuskeun pikeun balik liburan babarengan ka pantai. Aranjeunna leres-leres ngarepkeun liburan sabab duanana sibuk sareng padamelan sapopoe sareng jarang gaduh waktos kualitas babarengan. Sesampainya di pantai, aranjeunna mutuskeun pikeun leumpang sapanjang pantai j... | 5 | slice of life |
1590 | Mun urang boga anak atawa adi, euweuh salahna mun urang ngalatih maranehna dina kaayaan genting, siga bencana alam. Maranehna oge kudu apal sabab ieu elmu pangaweruh nu mangpaat jang kahirupanna. Komo dina kaayaan genting mah sakapeung teu inget sasaha salian ti nyalametkeun diri masing-masing. Alusna urang ngalatih ma... | 5 | slice of life |
1574 | Di gunung urang kudu hemat batre jeung dahareun, lantaran pencahayaan jeung dahareun jadi hal anu penting jang tuluy ngajaga stamina jeung kaamanan urang. Kudu hemat dina ngonsumsi bekel dahareun! Urang tangtu bisa apal iraha dahareun urang bakal beak, ku sabab kitu pikirkeun deui ku taliti jeung kudu bertahan sanajan ... | 5 | slice of life |
4094 | Perjalanan jeung perjuangan Buya Hamka hararese dibayangkeun ku ngaran gedé bapana Abdul Karim Amrullah, rumaja Hamka mineng ngarambat jauh ulin sorangan. Ajeunna hijrah ka Jawa dina yuswa 16 taun. Sanggeus sataun, manéhna balik deui ngangkat Muhammadiyah di Padang Panjang. Pangalaman ditolak jadi guru di sakola milik ... | 3 | religion |
7161 | Betawi kasohor ku senjata tradisionalna nyaeta Golok. Senjata tradisional ieu mineng dijadikeun asesoris sapopoe pikeun pakean adat Betawi anu dipake ku lalaki Betawi. Golok diselapkeun sareng diikat kana beber hejo sareng dianggo nalika damel atanapi iinditan minangka alat pertahanan diri. Golok nyaeta senjata anu gad... | 4 | culture & heritage |
2325 | Sateuacan lebet kana sasih Ramadhan, sim kuring nganjang ka Gereja Katedral Santo Petrus Bandung sareng rerencangan ti Komunitas Bandoeng Waktoe Itoe, komunitas anu mikacinta sajarah di Bandung. Mimitina mah kuring ngan ukur pilari di sabudeureun, tapi nyatana urang dipandu langsung ti salah sahiji pajabat garéja anu n... | 3 | religion |
3909 | Katel mangrupakeun wadah paranti masak utama anu paling sering di pake sareng anu paling praktis matakna wajib pisan katel aya di unggal Imah sangking penting na. Sabenerna loba kaunggulan dina ngagunakeun hiji katel bisa ngasakan sagala. Salian ti fungsi utama pikeun ngagoreng katel, bisa oge ditumis nepi ka ngagodog.... | 0 | food & beverages |
5326 | Ustadz Handy Bonny nyaea salah sahiji pendakwah nu dipikaresep pisan ku kaum milenial mah. Ustadz Handy Bonny lahir di Bandung, 14 April 1988. Anjeunna lulusan sarjana di Universitas Padjadjaran jurusan Ilmu Komunikasi. Ustadz Handy Bonny dikenal sabab gaya penampilan jeung gaya retorikana. Gaya pakean nana nyaeta ngan... | 3 | religion |
68 | Chef jeung Koki teh pagawean anu beda. Chef teh nyaeta nu mibogaan kaparigelan dina masak. Salian masak, Chef oge sakola kuliner salila dua atawa opat taun, atawa bisa oge magang ka chef nu sejen nepika meunang elmu nu satara. Chef oge boga tanggung waler anu gede misalna jadi supervisor. Tuluy nyieun menu di restoran.... | 0 | food & beverages |
5023 | Salah sahiji wisata alam nu terkenal di Tasik nyaeta Pantai Sindangkerta. Lokasina aya di Sindangkerta, Cipatujah. Pantai ieu ngabentang sapanjang jalan utama. Di pantaina seueur batu karang nu endah pisan. Komo mun sore mah pas cai laut surut, batu karangna katarembong bisa pake popotoan. Di pantaina oge seueur keneh ... | 2 | leisures |
2430 | Garang haseum nu paling ngenah di pekalongan
Garang Asem nyaéta kadaharan olahan hayam anu disiapkeun ku santan jeung daun cau. Rasana gurih tapi leuwih haseum, biasana dimasak ku belimbing wuluh mun teu salah mah. Tadina mah panginten aya opor, tapi kalduna langkung hampang. Rasa gurih dimeunangkeun tina santan. Bias... | 4 | culture & heritage |
4016 | Film Yowis Ben boga latar di Malang jeung nyaritakeun Bayu, anak tukang dagang Nasi Pecel nu miskin jeung cicing di imah kontrakan. Di sakola, Bayu sering dihina ku sabab budak miskin, sarta ditolak nalika ngadeukeutan budak awéwé. Bayu boga cita-cita kudu sukses jeung kawentar sangkan bisa mantuan ekonomi indungna may... | 2 | leisures |
69 | Katering nyaeta salah sahiji jasa dibidang masakan, ngameh usaha katering kudu boga pagawe nu bakal nyekelan bidangna sewang-sewangan, komo lamun kateringna geus gede atawa kasohor. Nu kahiji juru masak anu tugasna masak dahareun katering. Nu kadua asisten juru masak anu tugasna teh ngabantuan juru masak. Nu katilu tuk... | 0 | food & beverages |
4271 | Rawon di jieun tina daging bisa daging naon wae sakumaha kahayangna tapi biasana di jieun tina daging sapi. Cara masakna sabenerna teu patu hararese, komo ayeuna loba bungbu instan nu ges tinggal asupkeun aduk aduk terus jadi. Tapi lamun hayang nyieun anu bener bener bungbu nu kudu di siapkeun bawang bodas, bawang bere... | 4 | culture & heritage |
1608 | Melak pepelakan mangrupakeun kagiatan nu boga mangpaat jeung resep jang loba jelema mah. Salian bisa ngahasilkeun bahan pangan sehat jeung bergizi, melak pepelakan oge bisa ngaendahkeun lingkungan nu aya di sabudureun, ngaronjatkeun kualitas udara, jeung ngurangan dampak parobahan iklim. Salian eta, melak pepelakan oge... | 5 | slice of life |
9049 | Cilok nyaéta jajanan has Sunda anu bentukna siga baso anu dijieun tina tipung tapioka kalayan bumbu tambahan, kayaning sambel kacang jeung sambel cabe. Bentukna buleud sarta sakapeung dieusi ku isian, kayaning daging, sosis, gajih, abon atawa potongan endog di jerona. Kecap cilok mangrupa singgetan tina kecap basa Sund... | 7 | business |
3588 | Buku ieu ngabahas psikologi survivor. Naha sababaraha kabur ti runtuhna puseur perdagangan dunya salila 9/11 Serangan, sababaraha maot. Anu salamet nalika pesawat nabrak langsung ka bumi. Jalma anu maot sanggeus pesawat nabrak, dititah neruskeun gawé. Lamun nempo flashbacks, éta konyol. Tapi kajadian ieu lumangsung deu... | 5 | slice of life |
3887 | Donat mangrupa salah sahiji jajanan anu geus aga ti baheula, bentukna buleud tur datar kalawan liang di tengahna. Rasa donat condong hambar, ku kituna donat di daharna bareng jeung gula halus. Ayeuna donat geus loba macem rasa na, aya nu amis bisa make gula, selaibuah, keju, coklat, seres, kacang jeung loba deui rasa ... | 0 | food & beverages |
4616 | Kamera ayeuna geus jadi salah sahiji barang anu sigana teu bisa leupas dina kahirupan sapopoe, komo ayeuna era na digital jeung rame rame na social media. Kamera salah sahiji alat anu bisa di pake sapopoe ku batur ameh bisa terus update jeung dunya maya di social media. Keur update urang kudu ngasupkeun foto atawa vide... | 6 | technology |
2748 | Ti perubahan kamera jeung lobana perubahan fisik Poco F4 bakal aya perubahan nu merenah. Mulai ti spésifikasi kaméra POCO F4 ogé disaluyukeun supados smartphone ieu ogé cocog pikeun panyipta kontén atanapi anu resep fotografi mobile. Upami réréncangan parantos nganggo POCO F3 sateuacanna, maka diménsi awak POCO F4 baka... | 6 | technology |
191 | Lamun bosen olahraga leumpang, urang sok olahraga nyapedah. Tapi teu samindeng olahraga leumpang, anu tiap weekend atawa weekday oge kadang-kadang osok. Lamun nyapedah mah paling tina sabulan ge ngan 1 nepi 2 kali. Ti imah sok ngusahakeun mulaina ti jam 6 isuk-isuk, ngameh teu beurang teuing. Jadi sarapan heula 30 meni... | 2 | leisures |
597 | Tips kanggo nu usaha kadaharan tradisional ngameh usahana sukses jeung rame. Nu kahiji kudu gencar promosi, promosi di sosial media ciga masang foto di Instagram atawa Facebook jang nyieun batur tertarik. Atawa bisa nyewa influencer jang ngapromosikeun usaha kadaharan tradisional ieu. Nu kadua kudu pertahankeun ciri kh... | 4 | culture & heritage |
444 | Qonaah nyaeta ridho ku pamere Allah SWT. Hiji jelema nu mibogaan duit loba, jabatan nu luhur, harta nu loba, ngan teu mibogaan sifat qonaah, manehna bakal tuluy ngarasa kakurangan, sarakah, jeung tangtuna hirupna teu bahagia. Contona hiji jelema nu mibogaan mobil kudu bersyukur lantaran masih loba jelema nu naek motor ... | 3 | religion |
4636 | Budak lalaki biasana anu leutik keneh lamun di pangmelikeun cocoan pasti milihna robot robotan, eat teh geus jadi naluriah budak lalaki, sarua jeung budak awewe pasti milih na boneka. Cocooan robot salian ti cocoon biasa anu bisa nyieun budak anteng tapi nyoo robot oge ngabogaan manfaat jadi maén robot bakal ngajadikeu... | 6 | technology |
6671 | Hayu urang ngawanohkeun deui camilan khas Sunda nu hiji ieu, camilan anu dimasak dina citakan khusus ieu tos mulai dipohokeun ku barudak ngora. Bandros, camilan anu teu ngan enak hungkul tapi oge sehat lantaran dijieun ku tipung aci anu dicampur jeung tping beas make santen jeung uyah teras dipurulukan kalapa. Rasa ban... | 0 | food & beverages |
4096 | Abdul Malik, nama kecil Hamka, lahir pada 17 Februari 1908 di Tanah Sirah, kini masuk wilayah Nagari Sungai Batang, Kabupaten Agam, Sumatra Barat. Keur umurna 12 taun, Malik nyaksian cerai kolotna. Sanajan bapana taat kana agama, dulur-dulur ti indungna tetep ngalaksanakeun tradisi anu teu luyu jeung ajaran Islam. Poé ... | 3 | religion |
1593 | Harita pas banjir nu lumayan gede di daerah urang, urang teu ngantisipasina nepikeun imah teh kakeueum ampir satengahna. Didinya nu paling dipikaduhung mah nyaeta berkas atawa dokumen penting urang jeung kulawarga. Siga akte kalahiran, paspoe, akte, jeung ijazah. Kabeh leungit kabawa ku banjir. Anu tungtungna mah urang... | 5 | slice of life |
829 | Lalu Muhammad Zohri salah sahiji atlet sprint Indonesia anu meunangkeun kejuaraan dunia Atletik U-20 pas taun 2018 di Tampere Finlandia. Harita loba warta seliweran boh dina media sosial atawa dina TV. Saacanna mah teu loba nu wanoh ka atlet hiji ieu, da tara di sorot ku media. Tapi pas manehna meunang, ngaranna jadi n... | 1 | sports |
5315 | Nina jeung Reni bakal janjian jang buka bersama di Masjid Raya Unpad atau nu sering dikenal ku sebutan MRU. Nina nungguan di halte payuneun ATM center. Sedengkeun Reni nembe angkat ti kostan nana. Saberes Reni jeung Nina pendak, langsung we ka MRU terus diuk di palataran nana. Pas lebet waktu buka puasa, Nina jeung Ren... | 3 | religion |
7408 | Rafting atawa arung jeram nyaeta kagiatan nulusuran bagian-bagian saluran walungan anu ngarambat, ngagunakeun sababaraha wahana. Anu dimaksud wahana arung jeram nyaeta sarana/parabot nyaeta ku parahu karet, kayak, kanu jeung dayeuh. Aya lumayan seeur parabot diperlukeun pikeun ngalakukeun arung jeram. Kahiji, tangtosna... | 1 | sports |
2409 | Tari Jaipong nyaéta jenis tarian anu asalna ti Jawa Barat. Tari Jaipong mimiti mekar di wewengkon Karawang jeung Bandung.
Tari ieu mangrupa gabungan tina sababaraha kasenian tradisional saperti Wayang Golek, Pencak Silat, jeung Ketuk Tilu. Ku kituna, Tari Jaipong ahirna kasohor ku gerak-gerakna anu pohara enerjik, uni... | 4 | culture & heritage |
6472 | Salah sahiji hal nu bisa dilakukeun dina nambah penghasilan teh nyaeta muka usaha babarengan. Usaha nu dirintis babarengan teh salian bisa nambah penghasilan, oge bisa nambahan kapercayaan jeung kaharmonisan dina hubungan pernikahan. Loba pisan pasangan nu milih usaha jadi sumber penghasilan utama dina keluargana. Lolo... | 5 | slice of life |
8638 | Hirup sareng pasangan anjeun kanggo waktos anu lami tiasa nyababkeun bosen sareng monoton dina hubungan. Nanging, aya sababaraha cara anu anjeun tiasa lakukeun supados anjeun henteu bosen hirup sareng pasangan anjeun. Ngawangkong sareng pasangan anjeun ngeunaan kabutuhan sareng harepan masing-masing dina hubungan tiasa... | 5 | slice of life |
875 | Mun olahraga nyapedah tangtuna samemeh nyapedah teh kudu ditinggali heula kondisi sapedah nu rek dipake. Mulai ti ngecek ban, rante, jeung kaberesihanana. Ieu penting lantaran bisa wae pas keur nyapedah ban teh kempes, pastina hese deui komo mun nyapedahna teh ka tempat anu sepi siga gunung. Biasana samemeh nyapedah ku... | 1 | sports |
3910 | Ayeuna alat masak atawa parabot dapur teh makin loba wae pilihan jjeung rupa- rupa na teramsuk kompor. Jaman baheula mun rek ngasakan dahareun kudu neangan kai paranti masak nu di sebut hawu. Kadieu na aya kompor sumbu nu make minyak tanah keur bahan bakarna saengeus eta gara - gara minyak tanah mulai langka jeung ma... | 0 | food & beverages |
2771 | Kumaha cara kuring milarian siaran radio sacara otomatis dina spiker Bluetooth atanapi dina radio anu henteu gaduh tombol tuning puteran? Metoda sabenerna gampang, tapi kadang metoda teu didaptarkeun dina manual. Pikeun milarian siaran radio sacara otomatis, mangga lebetkeun mode radio heula. Biasana ku mencét tombol M... | 6 | technology |
2690 | Anu mimiti lalajo pertandingan baskét nyaéta turnamén antar sakola, nyaéta DBL (Development Basketball League). Sapertos turnamén futsal, panitia turnamén baskét ogé miwarang sakola pikeun ngagerakkeun suporter. Jeung jujur, suasana pertandingan basket sakola leuwih meriah tibatan futsal. Anu matak meriah téh tangtuna ... | 1 | sports |
4270 | Loba dahareun khas nu enak enek di indonesia ieu, aya nu sederhana nepika rieuh di jieun atawa di teangana. Nu babari di tasikmalaya aya nu ngarasa sangu TO atawa tutug oncom. Sangu tutug oncom ngajieuna babari pisan da ngan sangu anu di campur adukeun jeung sambel oncom. Sambel oncom nu di jieun tina oncom nu ges di a... | 4 | culture & heritage |
7093 | Sholat Jum’at nyaeta shalat anu khusus pikeun umat Islam anu dilaksanakeun sacara khusus dina dinten Jum’at sareng salaku gaganti shalat lohor. Solat Jum’at sorangan dilaksanakeun sacara berjamaah jeung ngalaksanakeun shalat Jum’at téh janten kawajiban pikeun lalaki muslim lalaki anu geus baligh. Lantaran solat Jum’at ... | 3 | religion |
2001 | Liburan sok sinonim sareng kagiatan di luar bumi sareng kulawarga, nganjang ka tempat wisata sareng ningkatkeun stock poto pikeun bahan média sosial urang. Nyaan senang. Abdi sareng kulawarga resep wisata, khususna pantai. Tapi sakapeung nalika kuring liburan, kuring nyéépkeun waktos ngan ukur nganggo kasur sareng sare... | 2 | leisures |
1632 | Di Jakarta aya transportasi umum nu ngaranna teh MRT. MRT ieu teknologi nu paling anyar nu dipiboga ku Indonesia. Cara naekna urang cukup asup ka stasiun MRT nu paling deukeut. Lantaran MRT jalanna di handapeun taneuh, jadi urang ge engke bakal turun tangga. MRT ieu datangna tepat waktu, jadi kudu luyu jeung jadwal ura... | 5 | slice of life |
953 | Kamera mirrorless nyaeta kamera nu teu mibogaan kaca atawa jendela bidik optik siga kamera DSLR, tapi kualitas gambarna satara sabab image sensor nu digunakeun oge sarua gedena. Ku sabab kitu, ukuran kamera mirrorless leuwih leutik jeung hampang tibatan kamera DSLR nu bisa ganti lensa. Ku teknologi ayeuna, kamera mirro... | 6 | technology |
5329 | Habib Husein Jafar atawa nu sering dikenal ku sebutan Habib Jafar mangrupakeun salah sahiji tokoh agama nu lekat pisan jeung milenial. Anjeunna janten salah sahiji tokoh agama nu dipikaresep ku generasi milenial. Unggal nyampaikeun elmu, anjeunna selalu ngangge bahasa anu sederhama, simpel, jeung babari pisan ditarima ... | 3 | religion |
5055 | Neng Dini jeung rerencangannana tos gareulis pisan, nuju nungguan bakekok di payuneun bumi. Sok aya bakekok nu mawa budak kukurilingan ka lembur tatangga atawa ngaliwat ka tengah kota. Bakekok nyaeta mobil nu direka-reka dugi ka rame, jeung tempat diukna dijajarkeun ka tukang. Nu naek bakekok teh sanes budak hungkul, t... | 2 | leisures |
6503 | Hubungan baik jeung babaturan teh kudu pisan dijaga. Hiji hal penting nu jadi konci dina hubungan baik teh nyaeta kapercayaan. Mun geus jadi babaturan mah kudu geus bisa silih percaya kana sagala hal, ulah nepi ka silih sangka. Mun kapercayaan geus tumbuh mah bakal panceg dina hubungan babaturan teh. Mun kapercayaanna ... | 5 | slice of life |
7021 | Sedekah, salah sahiji amalan anu dianjurkeun ku agama. Dina Al-Qur’an Allah SWT nyebatkeun yen jalma-jalma anu migawe kahadean bakal meunang ganjaran anu hade oge. Malah, sedekah oge tiasa janten jalan pikeun meunangkeun kabagjaan jeung katengtreman dina kahirupan. Sedekah oge gaduh seeur pisan kautamaan, nyaeta ngadek... | 3 | religion |
8079 | Jalma nu resep lumpat tangtos kantos ngarasakeun ieu. Upami keur lumpat dada teh rasana engap teras napas jadi leuwih gancang. Upami tos nepi ka batas maksimal awak urang tiasa lumpat, suku mulai ngaderegdeg, dada engap, sareng panon caang poek. Upami tos kitu urang kudu eren teras atur pernapasan tur reureuh. Eta teh... | 1 | sports |
1874 | Di Bandung aya goreng emam di sisi jalan nu disebut Nasi Goreng 'Gondrong' di wewengkon dekeut jalan Siliwangi, samemeh Sabuga ITB. katelah longish sabab nu masak téh longish, keur masak basa sanajan jarak cabé jeung uyah tina pot masak kurang leuwih 2 m. Tapi tong hariwang, Bang 'Gandrong' licik bisa ngalungkeun 1 sén... | 0 | food & beverages |
864 | Naek gunung jadi salah sahiji kagiatan anu ekstrem sakaligus ngabungahkeun. Sabab pas geus nepi puncak urang bisa ninggali pemandangan nu henteu unggal poe bisa ditinggali. Tapi tangtuna butuh perjuangan bisa nepikeun ka puncak teh. Teu kabeh bisa nepi puncak komo anu fisikna rada lemah mah, nu aya kalakah ka pingsan. ... | 1 | sports |
1964 | Obyek wisata Majalengka tétéla mibanda sababaraha tempat wisata anu pikaresepeun tur instagramable anu kiwari geus mimiti kataji ku wisatawan lokal, salah sahiji obyek wisata Majalengka anu keren sareng populer nyaéta Paralayang Majalengka nu ker baheula dijadikeun tempat lomba paralayang nasional atawa manca nagaraanu... | 2 | leisures |
1977 | Bandros anu kuring terang mangrupikeun kueh khas Jawa Barat anu sering kuring resep sareng kabeneran ogé aya di gigireun Stasiun Beus. Kue bandros. Namung nu ayeuna bade kuring Informasikeun Bandros atanapi Bandung tour on beus nyaéta beus dimaksudkeun pikeun wisatawan. Penampilan beus ieu teu sarua jeung beus umumna,... | 2 | leisures |
107 | Lamun orang luar Bandung rek wisata ka Bandung, kudu merhatikeun sababaraha tips nu kudu dipikanyaho ngameh liburan jadi rame. Kahiji, siapkeun rencana perjalanan, jadi tangtukeun rek wisata kamana wae salila di Bandung ngameh waktuna efisieun. Kadua, pilih transportasi anu nyaman. Mulai ti beus, kereta api, nepika ken... | 2 | leisures |
7973 | Di Indonesia, aya seeur angkutan umum anu biasa dianggo, diantarana nyaeta aya damri, angkot, ojek, beus, nepikeun kareta. Salah sahiji angkutan umum anu mineng dianggo nyaeta angkot. Ti baheula angkot janten pilihan angkutan umum lantaran ongkosna anu leuwih mirah tibatan angkutan umum anu sanesna. Kanggo jalmi anu ba... | 5 | slice of life |
2656 | Dina waktos ayeuna, abdi masih kipas badag tina Ran Takahashi. Abdi teu ngawangkong ngeunaan penampilan, ganteng téh bonus. Tapi kaahlianana anu ngajadikeun kuring idola anjeunna. Salah sahiji atlit voli ngora nu geus jadi hiji sakabéh rounder. Service, serangan, set, meungpeuk, narima, dig téh kabéh meuli nepi. Geus b... | 1 | sports |
952 | Kamera polaroid salah sahiji kamera anu unik. Beda jeung kamera DSLR anu fungsina jang moto gambar nu kualitasna profesional, kamera polaroid mah tujuanna leuwih ka nu hayang foto-fotona fun. Bentuk kamera polaroidna oge lucu, desain dina kamera ieu aya rupa-rupa mulai ti bentuk jeung warna anu beda-beda. Salian eta bi... | 6 | technology |
5840 | Tilu rekomendasi laptop Asus harga tilu jutaan. Nu kahiji nyaeta Asus E203MAH-FD013T. Laptop asus ieu dibanderol dina harga 3,1 jutaan. Layarna kabilang leutik jeung compact nyaeta 11.6 inci. Prosessor na make Intel Celeron N4000 nu didukung ku 2 GB RAM. Nu kadua nyaeta Asus A407MA-BV001T. Laptop ieu ngagaduhan layar 1... | 6 | technology |
7468 | Lamun baheula urang ngagoreng make minyak atawa pasir, jaman ayeuna urang tiasa ngagoreng tanpa minyak. Aya hiji alat anu tiasa dianggo ngagoreng tapi teu kedah nganggo minyak goreng, nyaeta air fryer. Air fryer nyaeta alat masak pikeun ngagoreng rupa-rupa kadaharan tanpa ngagunakeun atawa ngan ngagunakeun minyak saked... | 6 | technology |
908 | Sengoku Basara salah sahiji game nu aya di Play Station. Game ieu game legend, pasti nu maen PS pernah maenkeun game ieu. Ku naon bet resep maen game ieu, sabab game na teh kaasup kana kategori game petualangan. Jadi urang ngalawan bos-bos nu aya di game na ngagunakeun hiji karakter. Nu unikna teh tiap karakter mibogaa... | 6 | technology |
5398 | Upacara melukat nyaeta salah sahiji upacara kaagamaan umat Hindu nu dilaksanakeun di Pulau Dewata, Bali. Upacara melukat diyakini bisa ngusir aura negatif jeung bawa kasegeran jeung aura positif dina diri urang. Akhir-akhir ieu seueur artis nu ngalaksanakeun upacara melukat. Nu menarikna, melukat dilaksanakeun sanes wa... | 3 | religion |
5383 | Maca Al-Qur'an mangrupakeun hiji parentah Allah SWT nu ganjaran nana luar biasa hebat. Rasulullah SAW ngajelaskeun yen umat muslim nu maca Al-Qur'an sahiji huruf, bakal diganjar ku sapuluh kebaikan. Maca Al-Qur'an nu lanca atawa terbata-bata oge angger kenging pahala nu sami. Komo mun dugi ka ngahafal surah-surah nu ay... | 3 | religion |
6735 | Lembang kasohor ku tempat wisata au seeur jeung cocok kanggo didatangan sareng kulawargi. Aya hiji tempat anu gaduh pintonan anu sae, komo keur nu resep kembang. Orchid Forest atawa hutan anggrek mineng didatangan ku wargi Bandung jeung wargi tu luar Bandung. Tempat ieu sae kanggo popotoan. Tempat ieu kaasup ekowisata,... | 2 | leisures |
8086 | Tos seueur cara urang mesen tiket pikeun lalajo bal di stadion. Salah sahiji cara mesen tiket bal teh nyaeta nganggo aplikasi tiket.c0m. Cara mesen tiket pikeun lalajo bal di aplikasi ieu nyaeta, kahiji urang download heulat teras asup ka jero aplikasina. Di menu pencarian teangan pertandingan nu bade dilajo, contona A... | 1 | sports |
4998 | Bayem nyaeta salah sahiji sayuran dangdaunan hejo anu loba kandungan Vitamin A jeung zat besi na. Bayem biasana diolah jadi sayur dibaturan ku jagong jeung wortel. Kandungan vitamin A dina bayem sae pisan kangge kasehatan mata. Kandungan zat besi na bisa ngurangi atawa nyegah anemia, loba oge kandungan zat lain nu gede... | 0 | food & beverages |
4574 | Carana maén game ieu pisan gampang, tapi inget yen unggal waktu anjeun level up, tantangan bakal leuwih dibaca. Pamaén ngalakukeun cocog jeung permen warni nu geus disadiakeun. Lajeng pamuter nu cocog 3 atawa leuwih tina permen sarua pikeun meunangkeun permen husus nu gunana pikeun cocog jeung permen tina kelir séjén.... | 6 | technology |
9357 | Numutkeun kana panilitian, setrés tiasa nyababkeun panyakit fisik sareng mental. Perlu dipikanyaho yén téknik pernapasan sareng meditasi mangaruhan HPA (sumbu hipotalamus-hipofisis-adrénal) anu ngatur sistem saraf simpatik sareng parasympathetic anu pamustunganana nurunkeun denyut jantung sareng tekanan darah. Otak ter... | 5 | slice of life |
543 | Aya sababaraha jenis senjata kujang lamun ditinggali tina fungsina. Kujang Pusaka ieu senjata jang nangtayungan jeung lambang kaagungan, Kujang Pangarak jang alat nu digunakeun kanggo perang, Kujang Pakarang jang alat upacara, jeung Kujang Pamangkas jang alat ngahuma oge tatanen. Tapi salian dibedakeun saluyu jeung fun... | 4 | culture & heritage |
1928 | Madu udang bakar mangrupakeun salah sahiji nu pang populerna jeung malah masakan seafood sakuliah dunya. Kalayan sajian rasa anu napsu, nyaéta amis, ngeunah, lada sareng gurih, ieu ngajantenkeun sajian cocog janten menu tuangeun dibarengan ku sangu bodas anu langkung gebu sareng haneut. Hidangan udang bakar madu ieu co... | 0 | food & beverages |
5354 | Poe Jumaah isuk-isuk Deden indit didamel. Ngahaja supaya samemeh jumaahan teh tos ngalebetan barang ka apotek. Pas waktosna jumaahan, Deden liren di masjid sisi jalan daerah Purwakarta. Pas ngadangukeun khotbah, Deden kalah kasarean sabab cape tos mawa barang nu loba pisan. Untungna pas khotbah beres Deden aya nu ngagu... | 3 | religion |
2708 | Aksi-aksina (dipikawanoh sacara resmi ku Polisi) ku aparat kaamanan nyaéta: nembak gas cimata ka lapang, stan kidul (11, 12, 13), jeung stan wétan (6). Kuring sorangan bingung (atawa meureun kuring can kapanggih sumber nu nyebutkeun yén) naha pasukan kaamanan teu nyebarkeun mariem cai dina usaha megatkeun up massa dina... | 1 | sports |
1841 | Sangu goreng mangrupa salah sahiji kadaharan karesep masarakat Indonésia anu gampang dijieun. Malahan, kadaharan has Indonésia ieu ogé geus sababaraha kali kaasup kana jajaran kadaharan anu paling nikmat di dunya. ieu di handap aya bahan jeung conto resep kompléks pikeun nyieun sangu goreng di imah.
Bahan:
- 500 gram... | 0 | food & beverages |
5056 | Di Pangandaran mah aya transportasi wisata nu ngaranna odong-odong. Tah odong-odong ieu teh jadi ikon wisata malam di Pangandaran. Bentuk odong-odongna rupa-rupa, ngan nu paling terkenal mah nu model mobil bangkong. Odong-odong teh make bodi mobil jadul bekas, trus di jerona aya tilu korsi. Nu hareup muat jang duaan, n... | 2 | leisures |
2300 | Kristen nyaéta agama anu mimiti muncul kira-kira 2000 taun ka tukang. Penampilan mimiti agama ieu lumangsung di Walanda dina abad ka-16 anu dipangaruhan ku ajaran Calvinisme sareng Lutheranisme. Dumasar kana data anu dikaluarkeun ku Badan Pusat Statistik, diperkirakeun aya 16,5 juta jalma anu ngagem agama Kristen Prote... | 3 | religion |
8697 | Tani mangrupa kagiatan anu positip sabab bisa mere mangpaat anu signifikan pikeun kasehatan mental jeung jasmani, oge dampak sosial jeung lingkungan anu positip. Pertanian parantos kabuktian ngabantosan ngirangan setres, kahariwang sareng depresi. Kagiatan ieu oge bisa mere rasa prestasi jeung kasugemaan nalika urang n... | 5 | slice of life |
4500 | Mangfaat barbells salian tina ngajaga stamina jeung kasehatan aya sababraha hiji diantarana nu kahiji nguatkeun otot anjeun tiasa nguatkeun otot anjeun nganggo dumbbells beurat beurat pikeun ningkatkeun massa otot anjeun sareng ngabantosan anjeun ngaduruk langkung kalori, nukadua melihara kaséhatan haté ngagunakeun bar... | 1 | sports |
2244 | Ruku, nyepetkeun aliran getih jeung limfa kana beuheung sabab taktak sajajar jeung beuheung. Aliranna bakal langkung lancar upami ruku dilaksanakeun leres, nyaéta nempatkeun beuteung sareng dada langkung luhur tibatan beuheung. Ruku' ogé ngempis napas. Ngalempengkeun tulang tonggong nalika ruku hartosna nyegah kalsifik... | 3 | religion |
9383 | Cara naik kareta api mimitina urang pasti kudu meuli heula tiketna. Jaman ayeuna urang tiasa meuli tiket di aplikasi online, jadi teu kudu datang ka stasiun langsung. Saanggeus eta urang kudu check in jeung cetak boarding pass kareta api. Carana kalayan ngadatangan mesin check-in mandiri (CTM) anu disadiakeun di stasiu... | 5 | slice of life |
3560 | Tatangga kuring anu paling dipikaresep nyaéta nalika kuring cicing di pulo Sulawesi. Tatangga kuring nyaéta pendeta anu ngagaduhan karunia spiritual pikeun ngusir setan, alias EXORCIST. Muhun...
Anjeunna salah sahiji pendeta Kristen anu kuring hormat pisan. Urang terang kulawargana caket sareng kuring babaturan sare... | 5 | slice of life |
7618 | Pangusaha nyaeta jalmi anu ngalakukeun usaha sorangan. Usaha ieu bisana dilakukeun ku jalmi anu bade nyobian neangan bati tina dunia bisnis nalika manehna tos cape digawe di pausahaan atawa manehna tos nangan gawe dimamana tapi can meunang wae. Palaku udaha disebut oge wirausahawan. Pagawean ieu tiasa ngarojong tumuwuh... | 7 | business |
7959 | Tos dua hari ieu abdi ditugaskeun ka Cianjur ka hiji desa anu ngaranna Cilaku. Di desa ieu suasana na teh sepi pisan, palingan oge aya sora cai tina kolam lauk anu aya di sisi imah. Tuluy aya oge sora hayam jeung anjing sababaraha kali lamun aya jalmi anyar anu ngadekeutan kebon. DI bagian imah oge biasana sok aya panc... | 5 | slice of life |
1615 | Ti leutik keneh nepikeun ka ayeuna urang tinggal di desa. Biasana desa teh identik ku tutuwuhan hejo siga sawah. Di urang ge loba sawah, ku bakat legana nepikeun ka jalan raya oge katinggali ti imah sanajan jauh. Kahirupan di desa biasana ngan aya dua, mun teu jadi patani, jadi peternak. Indung urang wae ge jadi patani... | 5 | slice of life |
9492 | Waktu luang nyaeta waktu anu kacida bebasna di antara sibukna kahirupan sapopoe. Ngeusian waktu luang ku hal-hal anu mangpaat mangrupikeun cara anu efektif pikeun ningkatkeun produktivitas sareng cara anu bijaksana pikeun ngamanpaatkeun waktos nu aya. Aya seueur cara anu anjeun tiasa laksanakeun pikeun ngeusian waktos ... | 2 | leisures |
879 | Mengbal teh salah sahiji olahraga anu keras, lantaran bisa wae berbenturan jeung pamaen sejen, komo mun keur paudag-udag bola mah bisa disikut bisa oge di seleding nu nepikeun ka suku patah tulang. Hairta pas maen kejuaraan mengbal antar desa, suku nepikeun ka patah tulangna lantaran di seleding, jabaning sapatu nu dip... | 1 | sports |
4182 | Upacara adat tradisional Ngebabali asalna ti Lampung hususna Lampung Barat. Upacara Adat Ngababali miboga tujuan pikeun ngajaga leuweung tatangkalan jeung alam sakabehna anu biasa di lakukeun ku masarakat di Lampung Barat. Upacara ieu di bisa di lakukeun ku sakabeh warga eweh syarat husus lamun rek ngalakukeun upacara ... | 4 | culture & heritage |
847 | Mimiti asup ekskul sepak bola, biasana teu langsung tanding 11 lawan 11 di lapangan anu gede. Tapi sok direcah heula di lapangan futsal nyaeta 5 lawan 5. Ieu ngameh teu cape teuing, jeung pelatih bisa fokus ninggali kaparigelan urang di lapangan. Saenggeus latihan mimiti eta, langsung dipanggil hiji-hiji ku pelatih jan... | 1 | sports |
3974 | Di Lembur urang aya kendaraan anu jiga mobil tapi di goes, unggal malam minggu pasti loba ngajalajar di jalan sakitar situ cikumpay. Soalna unggal malam minggu di situ cikumpay sok aya pasar malam, biasana mulai ti jam opat burit nepika jam salapan peuting. Urang jeung babaturan ka situ cikumpay pas poe sabtu kamari, s... | 2 | leisures |
3926 | Basa kamari jalan jalan adi urang menta ka mamah di pangmasakeun seafood nyaeta tinta hideung. Adi urag teh emang resepeun pisan kana cumi- cumi. Adi urangteh kuru pisan hararese mun di titah dahar. Matakna mun maneh na ya menta hayang dahar jeung naon mamah teh sok buru di pangmelikeuntuluy di pangmasakeun ameh loba ... | 0 | food & beverages |
7389 | Hula hoop nyaeta kaulinan anu ngagunakeun pinggel badag pikeun diputerkeun dina beuteung jeung pinggul. Pamaen Hula hoop kudu ngagerakkeun pinggul pikeun ngajaga kasaimbangan pinggelna sangkan teu ragrag. Lamun baheula hula hoop mangrupa salah sahiji kaulinan budak awewe nu populer ti taun 1950-an, ayeuna kaulinan ieu ... | 1 | sports |
1537 | Di waktu weekend atawa mun kalender tanggal keur beureum, urang sok ngajak manehna olahraga. Mimitina mah rada hese diajakna lantaran alesanna teh euweuh sapatu. Matakan pas ulang taun manehannana ku urang dibere hadiah sapatu lari. Lain euweuh alesan mere hadiah sapatu lari teh, meh bisa diajak olahraga jeung ngarah b... | 5 | slice of life |
7444 | Sajarah televisi di Indonesia dimimitian ku lahirna Televisi Republik Indonesia (TVRI) dina tanggal 24 Agustus 1962 dumasar kana SK Menteri Penerangan RI No. 29/SK/VII/61. Dina waktos eta, pamarentah Indonesia mutuskeun ngalebetkeun proyek media massa televisi dina proyek pangwangunan Asian Games IV. TVRI janten hiji-h... | 6 | technology |
7029 | Buya Hamka, tokoh agama jeung pulitik utama di Indonesia ieu dilahirkeun taun 1908 di Aceh Kulon, manehna janten pendidik, sastrawan, pamingpin pulitik, jeung tokoh agama. Anjeunna nampi pendidikan formal di SMP Negeri di Medan sareng di Paguron Islam di Jakarta. Buya Hamka mangrupakeun saurang ulama anu gaduh pangaruh... | 3 | religion |
590 | Sangu tutug oncom nyaeta kadaharan khas Sunda nu asalna ti Tasikmalaya. Mimitina nasi tutug oncom mangrupakeun kadaharan sapopoe jang kelas menengah handap masarakat Sunda. Oncom anu bahanna tina kedelai mangrupakeun kadaharan asli masarakat Sunda. Oncom dijual ku harga nu kajangkau pisan. Oncom jadi lauk pauk masaraka... | 4 | culture & heritage |
4564 | Keur kulawarga anu sibuk kabeh nyisihkeun waktu keur ngabeakeun waktu ameh tetep harmonis jadi salah sahiji cara ngajaga hubungan komunikasi antara kulawarga, lamun nongton film dina bioskop geus biasa bisa di cobaan nongton pertandingan olah raga di GOR atawa di tempat laina. Nongton pertandingan olah raga bareng bar... | 1 | sports |
Subsets and Splits
No community queries yet
The top public SQL queries from the community will appear here once available.