id
stringlengths
1
5
text
stringlengths
504
2.3k
label
int64
0
7
label_text
stringclasses
8 values
9395
Kabita ku steak hayam tapi hayang tetep ngahemat? Mending masak steak hayam di dapur sorangan. Ngolah hayam jad steak teu hese jeung bahan-bahanna bisa digaleuh di mana wae. Mimiti, siapkeun bahan-bahanna nyaeta dada hayam fillet nu geus diturihan, mantega, kecap manis, bawang bodas bubuk, kecap asin, jeung minyak wije...
0
food & beverages
2277
Kajadian ieu terus dirayakeun ku masarakat modern kiwari, sanajan maranehna teu nyaho kana sumanget ibadah paganisme (penyembah berhala) anu jadi kasang tukang kajadian ieu. Aranjeunna brightened up poé kalayan sagala rupa kaulinan, ngarasakeun langit éndah kalawan lampu vibrant tina kembang api jeung kagiatan lianna. ...
3
religion
2245
Pangkat walina nyaéta Pamungkas para wali, nyaéta Ghauts Zaman, jeung wali Qutb al-Akwan, nyaéta wali anu ngan bisa dihontal ku sadah anu aya dina unggal 200 taun. Sareng anjeunna mangrupikeun Khalifah Nabi di jamanna. Anjeunna kagungan seueur karomah anu teu tiasa diitung, bahkan dugi ka ayeuna tetep aya. Karama hébat...
3
religion
6790
Papasakan sabenerna mangrupakeun kagiatan anu pikaresepeun lamun aya bahan-bahan masak na, tapi hanjakal bahan-bahan masak teh teu sadayana sadia di kulkas jeung biasana pangaos na teu mirah. Komo lamun bade masak pasakan ala luar negeri. Lamun nuju teu pakpikpek di bumi, abdi sok masak nganggo bahan-bahan naon wae anu...
2
leisures
8077
Arif pagaweanna salila diimah ngan maen gim hungkul sareng sare. Awakna janten geuringan tur leuleus eweuh tanagaan. Saatos lalajo video olahraga di Youtube, Arif kamotivasi pikeun olahraga. Arif mulai nyieun rencana kagiatan olahraga. Isuk-isuk hudang sare Arif langsung peregangan tur jogging salila tilu puluh menit. ...
1
sports
98
Teu ngan saukur ngeunah hungkul, seafood oge boga kandungan gizi nu alus jang kasehatan. Siga nyehatkeun jantung, soalna seafood loba ngandung omega-3. Tuluy alus jang kasehatan tulang jeung sendi, salian ti nyehatkeun jantung, alus oge jang ngajaga kasehatan tulang jeung sendi. Tuluy ngajaga kasehatan mata, mata bisa ...
0
food & beverages
6703
Udang hirup dina cai. Aya nu hirup di cai laut, aya oge nu cicing na di cai biasa siga di walungan. Aya sababaraha jenis udang laut anu tiasa diemam, nyaeta udang windu, lobster, udang rebon, udang dogol jeung udang peci. Udang tiasa diemam atah atawa dipasak. Udang biasana digoreng janten tempura, nyaeta udang anu dib...
0
food & beverages
111
Urang, Ahmad, Agni, jeung Inyo ulin ka Sendang Geulis Kahuripan. Salah sahiji wisata tersembunyi nu aya di Bandung, buktina pas urang opatan kaditu hese manggihna tempatna teh, make google maps oge kalakah nyasar. Saenggeus nanya-nanya ka warga sekitar, kapanggih tah si tempat wisata eta teh. Pas nepi sepi euweuh pengu...
2
leisures
3931
Cumi-cumi nyaéta sakelompok cephalopoda badag atawa jenis moluska anu hirup di laut.Ngaran "Sephalopoda" dina basa Yunani hartina "sirah suku", hal ieu kusabab sukuna dipisahkeun jadi sababaraha leungeun anu ngurilingan sirah. Sapertos sadaya cephalopoda, cumi-cumi dipisahkeun ku gaduh sirah anu béda. Akson badag tina ...
0
food & beverages
5092
Amun aya waktu luang, abdi sok ngadamel camilan kangge di bumi. Abdi sok ngamanfaatkeun bahan nu aya dibumi. Ngadamel camilan na teu kudu seueur reka, nu babari we. Tah biasana abdi ngadamel es stik gorio-rio, ngadamel cimol, pempek, kantos oge ngadamel pizza, jeung sajabana. Tah abdi mah masak kitu teh tujuanna ngarah...
2
leisures
6769
Lamun bade angkat ka Barubereum, sae na mah ngangge mobil atawa motor anu kuat. Urang oge kedah mastikeun heula jalur ka Barubereum aman lantaran basa abdi jeung rerencangan angkat ka ditu jalan na bolong jeung seeur babatuan anu matak nyebabkeun motor mogok jeung panas. Tapi lantaran jalur ka Batu Kuda ngan aya hiji ...
2
leisures
1867
Waktu éta ulang taun kuring, jadi sobat pang dekeutna kuring neraktir kuring pikeun milih tempat dahar dimana wae kuring hayang. Tungtungna pilihan kuring murag kana réstoran anu ngajual tuangeun Koréa. Kuring mendakan éta tina iklan anu disponsoran IG. Pas ngawartosan ka rerencangan abdi langsung nyarios, "wah terang ...
0
food & beverages
4539
Cedera olahraga nyaéta sagala jinis kacilakaaan atawa kagiatan anu teu terduga, cidera timbul, boh salila latihan, olahraga, boh salila patandingan olahraga atawa bisa oge kajadian saenggeus olahragana. Pangaweruh ngeunaan cedera olahraga mangpaat pikeundiajar kumaha cedera olahraga lumangsung, ngubaran / nulungan / ng...
1
sports
5045
Basa aya acara Drawing Babak Kualifikasi Porprov Jabar 2022, abdi nyobian ngendong di Caldera cottage. Didieu lahan na luas pisan, kenca katuhuna aya wahangan. Penginapanna mangrupa cottage nu ayana sakira sapuluh cottage. Sadaya ukuran jeung desain cottage na sami, pagigirhgigir deuih. Tapi, untung na unggal cottage d...
2
leisures
6619
Salah sahiji cara supados arurang bisa nyobian jajanan di luar tapi tetep sehat nyaeta ngadamel jajanan nyalira di bumi. Aya seeur jajanan anu gampil ngadamelna, bahan-bahan na oge ngan sakedik, nyaeta cimol. Cukup siapkeun tipung aci, cai, bawang daun, jeung uyah. Kahiji, urang campurkeun heula tipung aci jeung uyah, ...
0
food & beverages
6631
Virus Covid-19 nyababkeun seeur restoran tutup lantaran jalmi teu meunang kempel di tempat rame. Umumna Covid-19 ieu ngaruh ka pisan perekonomian Indonesia. Menteri Keuangan Sri Mulyani nyebutkeun yen di bulan Agustus 2020, perekonomian turun nepika mines genep koma tilu belas persen. Tapi untungna urang tos mulai terb...
0
food & beverages
4757
Lamun ngawangun bisnis atawa berjualan online teh bisa ngahemat biaya pikeun sagala rupa kabutuhan. Ku ngalakukeun jualan online, anjeun henteu kudu mayar nyewa tempat na. Jadi, anjeun ngan ukur kudu ngatur bisnis jualan online. Salaku tambahan, anjeun bisa ngamajukeunana kalayan gampang dina sababaraha platform media...
7
business
3853
Lazzato nyaeta salah sahiji restoran friencise cepat saji anu babari di panggihan di sekitar imah utamana di purwakarta. Rasa dahareun na teu jauh beda jeung merek-merek nu ges terkenal di luaran, menu-menu dahareun na ge loba variasi pilihan ti buger nepi ka sangu, ti nu teu lada nepi ka lada pisan. Aya Ayam clbk, Sad...
0
food & beverages
7407
Selancar nyaeta salah sahiji jenis olahraga cai anu kaasup olahraga nu bahaya. Selancar dilakukeun ku cara naek ka papan selancar di ombak laut supados tiasa nangtung di luhureun cai laut. Sacara umum, surfing tiasa dilakukeun di pantai kalayan ombak anu badag, tapi tiasa oge dilakukeun di situ atanapi walungan anu ga...
1
sports
6801
Jama ayeuna mah tos seeur cara kanggo lalajo pelem. Aya cara anu legal, aya oge cara anu ilegal. Seeru pisan situs di Google anu nyadikeun pelem anu kedahna ditonton di bioskop, tapi tiasa ditonton gratis dina situs eta. Kalakuan ieu bakal ngarugikeun pihak anu tos ngadamel ieu pilem. Padahal nyieun pelem teh teu gampa...
2
leisures
7089
Nungtut elmu teh janten kawajiban pikeun muslim, jadi kedahna mah teu aya muslim anu bodo, lantaran kawajiban nungtut elmu teh kedah dilaksanakeun ku unggal jalmi anu nyebut manehna muslim. Janten lamun bade ngalaksanakeun nanaon teh urang muslim mah pasti ningal heula elmu na kumaha. Teu sapertos kawajiban anu sanes s...
3
religion
5349
Lamun keur ngahemat acis, alangkah leuwih hade mun urang ngalaksanakeun puasa. Salian hemat acis, oge bakal meunang pahala. Puasa teh salah sahiji ibadah anu ringan dilaksanakeun, komo mun sapopoena urang loba aktivitas di luar mah. Puasa sunah tehngadatangkeu rezeki. Pernah kaalaman oge harita keur teu gaduh acis, tul...
3
religion
6724
Bandung kashohor ku tempat ngempel barudak ngora na, salah sahiji tempat anu sok jadi tempat anu mulai seeur dijieun di Bandung, nyaeta tempat ngopi. Salah sahiji tempat ngopi anu oke tapi masih keneh jarang didatangan, nyaeta Kalamula Kopitiam anu aya di Jl. Bukit Dago. Tempat kopi ieu gaduh suasana anu haneut siga sa...
2
leisures
2022
Lanjut dina cara nonton pilem ti discord nyaeta: Teruskeun milih fitur Livestream sareng ikon monitor komputer. Teras, pilih saluran pikeun lalajo pilem liwat livestream.Dina saluran ieu, anjeun tiasa milih nganggo Google, Mozilla Firefox atanapi aplikasi streaming anu tos dipasang. Saatos milih saluran pilem, klik Li...
2
leisures
5500
Saha nu teu kenal ka Kampung Adat Baduy, nya, kampung adat nu ayana di Provinsi Banten. Mun wisata kadieu, tong hilap kedah taat kana sadaya aturan nana. Tokoh Baduy, utamana Baduy Dalam, ngadugikeun tilu larangan mun kunjungan ka Baduy Dalam. Nu kahiji nyaeta ulah ngadokumentasikeun lewat foto atawa video make alat el...
4
culture & heritage
9474
Liburan mangrupikeun salah sahiji kagiatan anu dipikaresep ku seueur jalma. Salian ti ngaleungitkeun kabosenan sareng setres kusabab rutinitas sapopoe, liburan oge tiasa janten kasempetan pikeun nambah pangalaman sareng terang tempat-tempat anyar. Sanajan kitu, teu kabeh liburan sarua nikmatna. Tina seueur pilihan tuju...
2
leisures
8284
Dina hiji poe, aya saurang pangusaha nu ngaranna David nu ngatur usahana kalawan sumanget jeung dedikasi. Sanajan kitu, sanajan digawe teuas sarta nyoba mindahkeun bisnis na maju, David ngalaman karugian signifikan. Manehna ngarasa putus asa jeung teu nyaho naon anu kudu dipigawe. Tapi, hiji poe David papanggih jeung b...
7
business
7395
Pesta Olahraga Asia Tenggara atawa biasa disingget SEA Games nyaeta acara multi-olahraga anu diayakeun unggal dua taun sakali sarta ngalibetkeun 11 nagara Asia Tenggara. Aturan pasanggiri di SEA Games aya dina naungan Federasi Pesta Olahraga Asia Tenggara atawa disebut Southeast Asian Games Federation kalayan pangawasa...
1
sports
2392
Jajan atawa jajan lebaran di unggal daérah di Indonésia bisa rupa-rupa. Aya jalma anu resep pisan kana kembang goyang ku kituna jajanan tradisional ieu sok disayogikeun nalika lebaran. Upami anjeun kalebet kulawarga anu resep kembang goyang, cobian resep kembang kocok buah di handap ieu pikeun jajanan lebaran. Kembang...
4
culture & heritage
819
Olahraga push-up mibogaan mangpaat ku cara gerakan anu sederhana. Push-up bisa ngalatih loba otot sakaligus, boh dina bagian luhur awak atawa bagian handap. Dina bagian luhur, bisa ngalatih otot dada, biseps, triseps, taktak, jeung otot tonggong babarengan. Sedengkeun dina bagian handap, bisa ngalatih otot suku jeung c...
1
sports
6689
Dina sababaraha pasakan, urang biasana ngangge santen supados rasana luewih gurih. Urang tiasa meser santen anu tos jadi atawa ngadamel santen nyalira, biasana ngadamel santen nyalira langkung mirah tibatan meser santen jadi. Ngadamel santen di bumi teu pati hese, nu penting urang gaduh parudan kalapa. Parudan biasana ...
0
food & beverages
7411
Terjun Payung nyaeta kagiatan luncat tina pesawat ngagunakeun payung sangkan urang tiasa ngapung di langit. Olahraga ieu kaasup olahraga bahaya anu edah dilakukeun ku profesional nganggo alat-alat anu aman. Saha wae anu bade ngalakukeun ieu kedah siap heula mental jeung fisikna, lantaran manehna bakal luncat ti pesawat...
1
sports
8823
Unggal poe Jumaah di sakola kuring aya jadwal ekstrakurikuler anu kudu diturutan ku sakumna murid. Kuring ngiringan eskul badminton. Unggal minggu urang bakal miluan latihan jasmani sangkan awak urang teu gering lamun maen badminton. Kuring boga salah sahiji raket favorit kuring, tapi hanjakalna raket abdi teh geus gor...
1
sports
491
Madrasah teh nyaeta tempat diajar ngeunaan elmu agama, lamun di masigit mah fokus kana sholat, tapi di madrasah mah bisa dipake sagala hal contona ngaji atawa tempat kumpul musyawarah. Di jero madrasah geus disadiakeun papan tulis jeung kapurna, tuluy disadiakeun oge bangu-bangku jang narulis. Lamun di madrasah mah leu...
3
religion
5805
Poe ayeuna teh abdi bade nonton pertandingan renang perairan terbuka di pantai Pangandaran. Abdi ngahaja indit isuk pisan supaya bisa nonton ti kadeukeutan. Abdi resep pisan ningali pesertana nu katingali harebat pisan. Renangna ti laut nepi ka lumpat ka pantai ku jarak tertentu. Resep pisan ninggalina ge, tapi mun nyo...
1
sports
6690
Upami masak gorengan biasana urang butuh tempat kango niriskeun minyak, lamun gorengan anu nembe pisan digoreng langsung disimpen dina piring pasti baka minyakan pisan, tapi untungna tos aya nu namina serok. Serok berguna pisan kanggo misahkeun minyak ti gorengan. Serok biasana dijieun ti besi anu anti karat nu bentuk ...
0
food & beverages
7151
Hiji mangsa, di jero hutan Dayang Sumbi nuju ngaput, teras teu kahaja pakakas ngaputna murag. Lantaran hoream nyandak eta pakakas, manehna teras nyarios yen saha wae anu pang nyandakkeun pakakasna, lamun eta lalaki bakal dijadikeun carogena, tapi lamun awewe bakal dijadikeun dulur. Teu disangka-sangka, Si Tumang anu ny...
4
culture & heritage
8273
Aya sababaraha pancen pagawe kantor, sapertos ngalaksanakeun sagala pancen jeung pagawean anu geus ditangtukeun ku pingpinan, atasan, atawa ku dirut. Sadaya pancen ieu kedah dilakukeun sabisa-bisa sareng rengse sateuacan deadline. Karyawan kantor kedah gaduh akurasi, taliti, sareng rapih dina damel. Anjeun teu tiasa te...
7
business
4469
Urang keur leutik resep kikiciprikan dina cai, mimitina teu ngarti jeung teu bisa ngojay atawa berenang da sieun kalelep. Carita na urang ngajaran ngojang atawa berenang keur leutik basa balik ka lembur didinya urang ulin jeung loba dulur dulur, mimitina mah urang ngome cai heula babasehan di walungan dekeut imah terus...
1
sports
2681
Mangpaat olahraga ekstrakurikuler di sakola pikeun barudak Mindeng barudak leuwih resep méakkeun waktu maranéhanana ulin jeung gerak aktip. Tapi, sanggeus asup sakola, suka atawa henteu, jam maén kudu ngurangan. Nanging, éta sanés hartosna aranjeunna henteu tiasa tetep aktip maén sareng réréncangan. Tah, sakola nawiske...
1
sports
3954
Basa malam minggu kamari urang jeung babaturan rek nonton air mancur di taman sri baduga purwakarta. Urang mangkat ti imah saeungges sholat magrib, urang kadinya boncengan naek jeung babaturan urang dua motor. Jalanan nu rek ka taman sri baduga teh ges macet panjang loba jelema nu sarua rek nonton atraksi air mancur na...
2
leisures
2673
Anjeun tiasa nganggo bal anu parantos diuji ku FIFA, PSSI, atanapi lembaga resmi sanés pikeun pertandingan resmi. FIFA nangtukeun standar bal resmi kalayan kuriling bal 68–71 cm, diaméterna 21–22,5 cm sarta beuratna 410–450 gram. Bal baku FIFA nyaéta bal nomer 5. Ukuran bal ieu geus dipaké ku pamaén profésional di saku...
1
sports
8123
Mesin cuci hiji tabung leuwih praktis dibandingkeun mesin cuci dua tabung. Saleresna seueur review nu nyebatkeun upami mesin cuci hiji tabung teh leuwih seueur make listrik. Nanging nganggo listrikna saluyu sareng kualitas tur kabersihan acuk nu diseseh. Mesin cuci hiji tabung ge tiasa nyeseh baju leuwih seueur kusabab...
6
technology
8056
Ekstrakurikuler takraw nyaeta kagiatan ekstrakurikuler anu biasana dilaksanakeun di lingkungan sakola atawa universitas pikeun diajar jeung latihan maen takraw. Sepak takraw nyaeta olahraga populer di Asia Tenggara anu dimaenkeun make bal bulu jeung suku, sarupa jeung voli. Dina ekstrakurikuler takraw, murid bakal diaj...
1
sports
3985
Liburan paling berkesan nyaeta liburan atawa jalan jalan di lembur mama di tasik, Tasik sabenern ateu jauh jauh teung ti purwakarta tapi teu nyaho kunaon bisa jarang balik. Sakalina balik pas lebara tapi nya lila sakalian liburan. Urang biasa na liburan ka pasar nya ka pasar rajapolah atawa ka pasar ciawi. resep pisan ...
2
leisures
5
Lumpia basah salah sahiji dahareun anu khas dipikaresep ku nu ngora nepi ku nu kolot. Kadaharan ieu babari dipanggihan biasana make gerobak. Salah sahiji nu ngajual lumpia nyaeta di ITB. Lumpia ieu posisina persis di deukeut panto gerbang asup ITB. Lumpia ieu teu ngagunakeun tenda tapi ngagunakeun gerobak anu sederhana...
0
food & beverages
5085
Hampir sadaya waktu luang abdi pasti dipake beberes atawa beberesih. Tah, kabeneran kamari teh libur tanggal merah jadi abdi nyeuseuhan sapatu. Usum hujan kieu mah sapatu teh babari pisan ledokna. Janten sabisa mungkin sapatu nu ledok ku abdi disikatan nepi ka beresih. Tos kitu tuluy dipoe na luhureun pager. Bari nungg...
2
leisures
9511
Hiking mangrupikeun hobi anu dipikaresep ku loba jalma. Salian jadi cara pikeun ngajalajah alam,Hikking oge jadi kagiatan anu alus pikeun ngajaga kasehatan fisik jeung mental. Nalika hiking, urang tiasa ningali pamandangan alam anu endah bari ngalaksanakeun olahraga ringan. Loba jalma oge ngarasakeun adrenalin nalukkeu...
2
leisures
7369
Joget tiasa janten pilihan latihan anu pikaresepeun pikeun saha wae anu henteu resep olahraga anu pikaboseneun, sapertos lumpat atanapi angkat beurat. Tambih deui, joget oge boga loba mangpaat anu sarua jiga olahraga sejenna sabab loba bagian awak urang anu digerakkeun salaras jeung musik. Joget atawa dance gaduh sabab...
1
sports
127
Salian dipake jang tempat olahraga, Kiara Artha Park oge bisa bari maen sasapedahan, skuteran, naek momobilan, ningali air mancur, atawa menikmati taman anu sejuk. Loba oge stand-stand dahareun, ti dahareun ringan nepi berat aya didieu. Aya sate jando, bakso, pentol, steak ayam, rujak, dimsum, jeung sajabana. Didieu og...
2
leisures
7092
Di jaman ayeuna hampir teu aya hal anu kahindar tina riba. Riba nyaeta contona lamun urang nginjeum duit lima rebu tapi mayarna kedah lima rebu lima ratus, anu lima ratus eta anu janten riba. Saha wae ngadahar riba bakalan asup ka naraka. Sabaraha wae nominalna, lamun eta riba maka hukumna tetep haram, sanajan ayeuna s...
3
religion
115
Cuanki Asli Bandung anu aja di Jalan Pak Gatot, ieu tempatna rada nyumput. Jadi tempatna teh rumahan kitu, nyumput di jero komplek. Pas kadieu loba pengunjung nu datang. Menu dahareunna oge loba, aya batagor, mie ayam, mie tektek, jeung loba deui. Hargana kajangkau mulai ti Rp 19.000. Cuankina teh homemade. Pas pesen c...
2
leisures
9444
Lauk mangrupikeun sumber protein anu sae sareng bergizi. Salian ti eta, lauk oge ngandung asam lemak omega-3 anu penting pisan pikeun kasehatan jantung. Konsumsi lauk sacara teratur tiasa ngirangan resiko panyakit jantung sareng stroke. Sajaba ti eta, lauk oge mangrupakeun sumber zat besi nu alus tur pohara pikeun minu...
0
food & beverages
5001
Ngadamel lalaban di urang sunda mah babari pisan. Urang sunda biasana nuang lalaban atah jeung asak. Tah nu dibahas ayeuna nyaeta ngadamel lalaban atah. Mimiti, siapkeun lalaban atah sapertos terong, leunca, bonteng, buncis, jeung sajabana. Tuluy beresihan heula teukteuka ujung tangkal na. Tos kitu kumbah make cai nepi...
0
food & beverages
3863
Opor hayam masakan lebaran di indonesia, teu apal ti iraha opr hayam jadi dahareun wajib nu kudu aya dina tiap lebaran boh lebaran idul fitri atawa lebaran idul adha. Tapi nu pasti opr hayam emang cocok aya di acara acara gede, rasa na siga kari tapi teu nyieun heneg. Opor hayam lain dahareun anu ngan bisa di pangguhan...
0
food & beverages
842
Eskul karate mangrupakeun salah sahiji eskul olahraga nu aya di sakolaan. Eskul karate ieu biasana jang ngembangkeun hobi atawa minat jeung bakat khususna dina bidang olahraga beladiri. Tujuanna mah nyaeta keur pembinaan prestasi di bidang non akademik sarta keur ngalatih siswa jang mibogaan karakter disiplin oge tangg...
1
sports
5375
Al-Qur'an nyaeta kitab suci agama Islam nu eusina ajaran hirup jeung ketentuan agama supaya umat Islam mencapai ridho Allah jeung surgana Allah. Salaku umat muslim, Joko gaduh cita-cita hoyong lebet ka surga. Ku kituna, Joko unggal poe sabisa mungkin ngahafalkeun ayat Al-Qur'an supados tiasa janten tahfidz Qur'an nu ta...
3
religion
8109
Windows ayeuna tos ngaluarkeun versi pang anyarna, nyaeta windows 11. Aya dua cara pikeun ngainstall windows 11 atanapi ngaupdate windows nu versi lila. Cara pertama nyaeta liwat windows update langsung ti perangkatna. Mimiti urang buka pengaturan teras pilih 'update & security'. Klik menu windows update tur klik 'chec...
6
technology
9031
Kaopat ciri jeung ciri Wirausaha, nyaéta salawasna percaya diri. Salian ti bisa salawasna mikir positip, lamun hayang jadi wirausaha oge urang kudu boga sikep percaya diri. Pastikeun yén bisnis anu anjeun dirikeun sorangan teh tiasa suksés engke. Ieu ogé tiasa ngadukung padamelan anu dilaksanakeun supados anjeun langku...
7
business
4938
Resep masakan nu sok dibagikeun ku Bu Siska dina acara TV jadi panutan ibu-ibu. Loba pisan ibu-ibu nu nurutan pasakan Bu Siska, sabab babari masakna jeung wawuh bahan-bahannna. Kitu deui cara masakna nu babari, teu hese jang diturutan. Masakan nu sok dijieun rata-rata masakan tradisional ti rupa-rupa daerah nu aya di I...
0
food & beverages
7375
Taufik Hidayat ngamimitian karirna di klub Sangkuriang Graha Sarana (SGS) Elektrik di Bandung, Jawa Barat. Lalaki anu lahir di Bandung, 10 Agustus 1981 ieu meunang genep kali Indonesia Terbuka, nyaeta taun 1999, 2000, 2002, 2003, 2004 jeung 2006. Ditambah deui manehna meunang Piala Thomas (2000, 2002, 2004 jeung 2006),...
1
sports
5347
Abdi pernah ngarasakeun pisan hikmah tina sholat sunah tahajud. Abdi biasa ngalaksanakeun sholat sunah tahajud unggal peuting jam satu atawa jam dua an. Abdi sholat sunah tahajud salian kangge ngadeketkeun diri, oge sabab hoyong lebet ka kapus impian abdi. Hapir unggal peuting abdi tara tinggaleun sholat sunah tahajud....
3
religion
6489
Lima hal nu kudu dilakukeun dina ngajaga hubungan baik jeung tatangga. Nu kahiji nyeta silih hargaan. Mun jeung tatangga teh kudu silih hargaan jeung silih hormatan supaya ngajaga kaakuran. Nu kadua nyaeta silih sapa jeung silih tanya. Mun keur aya tatangga teh ulah kumaki, kusu silih sapa jeung silih tanya, ulah nepi ...
5
slice of life
904
Genshin Impact salah sahiji game favorit urang. Ti mimiti di rilis nyaeta taun 2019 urang geus maen, mun diitung-itung mah ayeuna geus 2 taun. Lain tanpa sebab urang maen game ieu salila eta teh, lantaran game ieu nyieun kacanduan pisan, boh dina karakter nu ditampilkeun, cara gelutna, atawa event-event nu disadiakeun ...
6
technology
7955
Di desa aya seeur pisan tatangkalan hejo anu jararangkung. Walungan oge seeur pisan, matak teu heran lamun seeur jalmi anu mangpaatkeun awi kanggo bahan bakar anu dipake masak. Walungan oge biasa dianggo jang mandi jeung ngising. Padahal sabenerna urang teu meunang miceun ngising dina walungan lantaran tiasa janten su...
5
slice of life
6500
Andini teh tos babarengan jeung Rirti ti basa SD keneh. Ti leutik teh emang geus salembur, ngan leutik keneh mah jadi teu akrab, ngan wawuh hungkul. Tah basa SD we sakelas jeung Riri, jadi we babaturan deukeut. Nepi ka kuliah ge sakolana sarua wae, babarengan wae, meuni geus jiga budak kembar pisan mun ka mana-mana teh...
5
slice of life
8854
Di sagigireun bahayana HP kana kasehatan, saestuna loba pisan manfaat HP pikeun kahirupan urang teh. Hp bisa loba manfaatna pikeun kahirupan urang lamun digunakeun kalayan bijaksana, henteu kaleuleuwihi. Ku ayana HP urang bisa kalayan gampang mesen dahareun tanpa kudu kaluar. Urang ogé tiasa muka kasempetan bisnis onli...
6
technology
156
Camping ka Gunung Putri harita opatan, ngan si Sutra hungkul nu geus biasa camping jadi bisa nyieun tenda. Jadi urang harita ngabantuan masang tenda anu ajeg. Kahiji, lebarkeun terpal di luhur taneuh ngameh taneuh nu lembab moal rembes asup kana tenda. Tuluy sambungkeun tiap rangka tenda. Lamun geus kasambung, tingaal ...
2
leisures
950
Kamera DSLR (Digital Single Lens Reflex) mangrupakeun salah sahiji jenis kamera nu populer pisan di kalangan nu mikacinta fotografi. Jenis kamera ieu kaasup kamera digital nu paling dipikaresep fotografer sabab kualitasna anu alus. Kamera ieu bisa ngahasilkeun gambar nu jelas. Salian eta, lensa kamera ieu bisa digunta-...
6
technology
8007
Hayam geprek teh nyaeta kadaharan primadona mahasiswa. Kadaharan ieu simpel tur mirah dibandingkeun sareng kadaharan nu sejen. Sapaket hayam geprek teh eusina hayam, sangu, lalapan, sareng sambel. Hayam nu disayogikeun biasana hayam goreng tepung nu tos digeprek janten dagingna marisah, gampil upami didahar. Hayam na n...
0
food & beverages
3578
Kuring geus babaturan keur 3 taun bari di kuliah jeung guy a, kahiji kalina kuring papanggih kuring terang yen sooner atanapi engké urang bakal duanana ngarti silih tanpa kudu ganggu ku kode, sarta beungkeut bisa ngaleuwihan jalma anu geus dina hubungan leuwih. ti babaturan. Kusabab tanpa sadar naon anu kuring pikahoyo...
5
slice of life
7414
Ti taun 2000-an tos seeur rupi-rupi kaulinan dina komputer anu tiasa dimaenkeun cukup ku masang eta kaulinan dina komputer. Teu kedah ngagunakeun internet jeung teu kedah meser parabot kanggo masang game. Salah sahiji kaulinan paporit kuring basa leutik nyaeta kaulinan Zuma Deluxe. Kaulinan ieu gampil dimaenkeun, komo ...
6
technology
7454
Mesin cuci mangrupikeun salah sahiji barang rumah tangga anu paling umum dianggo di lolobana rumah tangga di jaman ayeuna. Pamanggihan mesin cuci asalna tina kabutuhan manusa pikeun nyeseuh acukna. DI jaman baheula, nyeseuh acuk teh kaasup pagawean anu matak cape pisan. Ibu-ibu biasana nyeseuh acuk di kali ku lengeun j...
6
technology
2743
Dina game Shogun Total war 2, kamampuan komputer pikeun nyerang anjeun memang langkung saé tibatan séri game Total War sateuacana, khususna dirojong ku grafik Nvidia GTX 1500. Tapi, urang masih mendakan musuh anu tiasa dipikagaduh ninggalkeun posisi alus aranjeunna geus nempatan. Contona, hiji unit crossbow nu geus nem...
6
technology
8868
Geus sabaraha poe ieu mesin cuci nu aya di imah kuring rusak teu bisa dipake. Turug-turug geus ampir saminggu hujan ngecrek wae. Atuh kabayang numpukna seuseuhan jeung popoean. Nu tadina nyeuseuh teh bisa kilat tur enteng, kapaksa ayeuna mah kudu rada ngaluarkeun tanaga ekstra. Rek nyervis, can aya biaya pikeun nyervis...
6
technology
4598
Saeuacan televisi jadi populer, siaran radio komérsial kaasup drama, komedi, rupa-rupa program sareng hiburan sejena jadi program hiburan teu ukur warta jeung musik. Radio AM berpungsi dina prinsip modulasi gelombang radio sareng gelombang audio. Kadua gelombang ieu gaduh amplitudo konstan. Tapi, prosés modulasi ieu t...
6
technology
1939
Basisir wétan pangandaran kawentar ku sunrise sarta tempat kuliner lengkep, Jeung Mangrupakeun, pantai pangalusna di jawa barat. Wisatawan ogé bisa ngarasakeun rupa-rupa olahan kadaharan ti laut kalawan rupa-rupa ménu anu dijieun pikeun pesenan sarta hargana nu mirah meriah. Disagigireun ti éta, rutinitas masarakat nel...
2
leisures
8122
Mesin cuci Twin Tube Power Storm and Air Turbo dilengkepkeun sareng opsi Magic Mixer. Opsi Magic Mixer ieu tiasa nyampurkeun detergen leuwih hade ngaminimalkeun detergen nambleg dina acuk. Upami masalah kabersihan mah tong ditaros deui. Acuk nu diseseh make ieu mesin cuci tangtos bersih kusabab mesin ieu dipasangkeun p...
6
technology
3897
Profesi tujang masak atawa koki atawa cheff siga ceu ipah teh nyaeta profesi atawa pagawean anu riweh sabenerna. Di gawena panjang da samemeh masak kan kudu nyesuaikeun heula kahayang nu hajat na tuluy nentukeun heula bahan - bahan na, kumaha bungbu na, ngitung heula sabara porsieun, di lanjut ngitung harga tuluy bala...
0
food & beverages
850
Tim Nasional Indonesia U-16 lawan Singapura nu akhirna timnas U-16 meunang, skorna telak 9-0. Hasil ieu artina sementara timnas U-16 aya diperingkat nomor 1 grup A, jeung di pertandingan terakhir engke ngalawan Vietnam kudu meunang ngameh bisa dipastikeun lolos ka babak semifinal lantaran di AFF aya 3 grup jeung ngan j...
1
sports
5483
Alat musik tradisional di Indonesia aya di unggal daerah, jeung ngabogaan ciri khas masing-masing. Salian aya nu terkenal sabab sering keneh dimaenkeun, aya oge nu hampir punah tapi geus diasupkeun warisan budaya dunia UNESCO jiga angklung, sasando, gamelan, jeung sajabana. Tapi di balik eta, aya oge alat musik tradisi...
4
culture & heritage
4951
Kadaharan nu dipikaresep pisan ku kolot zaman baheula nyaeta papais, tapi teu dipikaresep ku buda ngora ayeuna mah. Papais nyaeta kadaharan anu dibulen ku dan ca tuluy diseupan nepi ka hipu. Bahan na nyaeta tarigu, gula bodas, cau, jeung masena. Tarigu, gula bodas jeung masena dicaian, diaduk dugi ka rata tuluy dicampu...
0
food & beverages
2278
Urang salaku umat Islam ulah kajebak ku hal-hal anu ngajodokeun urang kana syirik, ku teu ngalakukeun hal-hal anu bertentangan jeung aqidah jeung syariah. Perayaan Malem Taun Anyar mangrupa ritual kaagamaan nu tangtu, perayaan éta dasarna mangrupa ritual ibadah pikeun panganut agama di Éropa, boh Kristen boh agama séjé...
3
religion
1187
Percaya teu percaya tapi ieu nyata, jualan di online sabenerna teu kudu ngabutuhkeun modal anu gede, bahkan teu ngagunakeun modal oge bisa. Urang geus ngarasakeun baheula pas keur kuliah, bahasana mah boboraah boga duit jang modal, jang sapopoe ge hese. Tah mun embung ngaluarkeun modal jang jualan online, urang bisa in...
7
business
8124
Aya dua jenis mesin cuci nu biasa diical, nyaeta mesin cuci satu tabung sareng dua tabung. Seueur keneh jalma nu bingung kumaha cara kerja mesin hiji tabung. Saleresna gampil pisan cara kerja meisn cuci hiji tabung. Saatos baju aya dijero tabung, cai bakalan ngalir ti bagian laci detergen nika keun minuhan bagian jero ...
6
technology
5909
Salah sahiji teknologi anu ngabantu perihal urusan rumah tangga teh nyaeta kompor listrik. Zaman ayeuna mah, loba muncul kompir listrik sabab dianggap leuwih efisien. Dina skala rumah tangga geus loba nu make kompor tanam berdaya listrik. Malahan mah skala leutik ge aya kompor listrik nu cocok pisan jang budak kostan. ...
6
technology
7660
Jualan online tiasa dilakukeun di mana wae. Boh salaku konsumen boh salaku pangusaha oge urang meunang seeur kauntungan tina jualan online ieu. Tapi sagala hal pasti aya wae kakuranganna. Lamun baheula kagiatan meuli jeung ngajual teh dilakukeun langsung di hiji tempat ku cara konsumen jeung nu dagangna patepang, ayeun...
7
business
2004
Abdi resep pisan diajak ka Gunung Komo Deui Jeung Babaturan. Leuwih resep ka pantai. Naha? Ieu sababna: Di Gunung jarang aya sinyal. Ku kituna urang bisa difokuskeun babaturan anu naek jeung urang. Gunung téh tempat nu pangpangna. Naha? Sabab mun urang nongkrong di mall, jeung sajabana, pasti urang moal bisa bener-bene...
2
leisures
1982
Dua léngkah pikeun mesen kapal pesiar Nu kahiji asalna ka Badan kapal pesiar mangrupakeun, lamun booking pesiar téh pangaweruh invaluable, jasa pribadi tur rojongan aranjeunna nyadiakeun. Ieu hususna penting pikeun cruisers mimitina-waktos anu teu yakin mana tangtu atawa gaya sailing pangalusna pikeun aranjeunna. Agén...
2
leisures
1142
Wirausaha geus jadi kabiasaan di kulawarga urang. Ti nini nu ngawarung dituluykeun ku indung, bapak oge kitu boga wirausaha jualan di pasar nyaeta jualan bumbu-bumbu dapur. Ieu nurun oge ka urang jeung adi, mun adi mah wirausahana kana gorengan, sedengkeun urang mah kana konter pulsa. Usaha konter pulsa ieu geus dimimi...
7
business
4986
Blender nyaeta salah sahiji parkakas dapur nu guna na jang ngaancurkeun bumbu. Blender digunakeun na kudu bari dicolokeun kana setrum. Wadah blender aya dua, nu hiji leutik nu hiji deui gede. Nu leutik biasa dipake jang ngablender bumbu garing jiga pedes, pala, kayu manis, jeung sajabana. Lamun wadah nu gede biasana ja...
0
food & beverages
5818
Game snake xenzia jadi salah sahiji game legendaris nu melekat di masyarakat. Pasalna, game ieu teh identik jeung image hape Nokia. Saking terkenalna hape Nokia zaman baheula, jadi sacara teu langsung ge nyieun ieu game terkenal jeung melekat pisan dina hate masyarakat. Game ieu dimaenkeunna simpel, nuturkeun makanan u...
6
technology
1609
Melak tangkal oge mere dampak anu alus ka batur. Melak tangkal ngajadikeun udara jadi leuwih beresih, lingkungan oge karasa leuwih asri, leuwih seger, leuwih sejuk, jeung leuwih rindang jadina ngahindarkeun batur tina panonpoe langsung. Salian dampak fisik, melak tangkal oge mere dampak positif ka mental batur. Lantara...
5
slice of life
5320
Jumaahan nyaeta salah sahiji kagiatan rutin unggal poe jumaah khusus jang kaum muslim lalaki. Jumaahan ieu teh ayana unggal poe jumaah nungaganti sholat dzuhur ku sholat jumah. Biasana kam muslim samemeh jam adzan dzuhur atanapi sajam samemehna teh tos karempel di masjid, kangge persiapan sholat jumah. Rangkaian sholat...
3
religion
530
Asal-usul Situ Bagendit, di hiji desa nu subur di sabeulah kota Garut, aya janda nu beunghar ngaranna Nyi Endit, ku bakat beungharna, manehna bisa ngalakukeun naon wae nu dipikahayangna. Pas musim panen Nyi Endit bakal pinuh ku hasil panen nu melimpah. Ngan aya hiji musim paceklik datang, loba warga nu kalaparan sabab ...
4
culture & heritage
4158
Urang salaku manusia biasa anu loba dosa kudu na ayeuna jadi sering instrospeksi diri ningali diri urang the kumaha fokus ka diri urang tong sok riweh nguruskeun batur, komo lamun ngomongkeun batur di tukang eta ngarana munafik. munafik atawa nu biasa di sebut pura-pura Munafik disebut oge jalma anu omonganana teu salu...
3
religion
4110
Jaman ayeuna nu geus marak internet jeung social media teu ngan ngadatangkeun dampak positif tapi oge negatif, alah sahijina ngagosip, ngaghibah ngomongkeun batur anu biasana di dunia nyata di rumpikeun di tukang sayur ku ibu ibu ayeuna oge bisa di social media, ayeuna keur loba pisan nu kitu. Loba nu asyik ngagibah ng...
3
religion
9407
Upami anjeun milarian tempat tuangeun vegetarian anu seger tur nyehatkeun, restoran vegetarian ieu mangrupikeun pilihan anu pas, nyaeta Pago Restaurant. Aranjeunna nawiskeun rupa-rupa menu anu dipinuhan ku kadaharan vegetarian seger sareng bergizi, ti salad dugi ka pasta sareng sandwich sagala aya. Sajaba ti éta, résto...
0
food & beverages
80
Pas keur SMA, unggal saberes sholat subuh, urang jeung indung indit ka pasar meuli jajanan jang dijualan deui soalna boga warung di imah. Salian ti eta, indung urang oge meuli sayuran jang dijieun rencang sangu. Sayuran nu dibeuli rupa-rupa gumantung rek dipasak naon, tapi mun hayang simpel sok meuli sayur lodeh, sabab...
0
food & beverages
89
Buah kecapi salah sahiji buah nu jarang aya, sabab geus makin hese manggihan buah ieu. Padahal loba mangpaat kasehatan nu bisa dibikeun buah kecapi ieu. Di balik ukuranna nu leutik, buah kecapi mibogaan rupa-rupa kandungan nutrisi nu alus, nepi ka bisa mere loba mangpaat jang kasehatan. Nu kahijina ningkatkeun sistem k...
0
food & beverages